Prabu Siliwangi

Posted in Carpon with tags on March 1, 2008 by aidjuddin

Wanci haneut moyan, poe Minggu, Pa Usman nuju maos Koran Republika, dina korsi males, bari moyan, dina teras bumina. Jol Dyah, putra na, mulih ngendong ti eyangna di Nagrak. Biasa unggal malem minggu, Dyah mah sok ngendong di eyangna. Harita sumpingna katingal semu rusuh, tapi nyeh imut bari unggeuk, waktos patepang sareng rama na mah. Dyah teras ka lebet, nyimpen kantong, tapi teu lami, nyampeurkeun deui ka rama na.

“Pa, …”Saurna, antare pinuh rasa ajrih. “ Eueuh.. Mang Aded pupus, tadi wengi kinten jam sawelasan,” Pokna.

“ Har naha kasawat naon Mang Aded teh? Pupusna di Nagrak, atanapi di Pangragajian?” Saur Pa Usman.

“ Di Bumina, di Pangragajian. Saurna mah nyeri patuangan, tos dua dinten.”
Dyah nerangkeun.

“Kolera kitu, atawa tajam?”Saur Pa Usman malik naros.

“Ah sanes, nyeri patuangan biasa, pedah lebet angin. Nanging pupusna mah sanes ku panyawatna, da tos ngaleueutan leob daun jambu batu. Tos rada sae, saur Bi Atih mah. Mung jam sawelas wengi tadi saurna palay kajamban. kakus na teh dina susukan pipir bumina tea. Cenah, nembe nagog, ngareret kana sayang hayam, dina bilik palih kidul.Saur nu nguping mah, mang Aded teh ngagorowok, mung teu kebat. Barang di susul ku Uu, putrana, tos nyangsaya dina kakus,kapiuhan.”Dyah nerangeun deui beja nu katarima ti Atih istri Aded.”Teras diparangkon dicandak ka bumi, Teu acan kantos kabeuratanana ge. Tah sajam ti harita, ngantunkeun.Sapertos nu mendak kareuwas ageing, saur Bi Atih mah,”Dyah mungkas omongan.

“Rada teu kaharti, ari kitu mah.”Saur Pa Usman, bari nilepkeun koranna melong ka Dyah.”Keun atuh bapa ka ditu ayeuna, wartoskeun ka Embu, di musola, nuju netepan Duha.Upami Embu bade angkat, sarengan ku Dyah..nya!” Pokna bari ngaleos ka Pangragajian, saparantos miwarang ngawartosan Bu Ike, ibuna Dyah.

Bada Isya, wanci sareureuh budak, ngariung di patengahan, kaleresan aya tamu Mang Dayat, ngintun cabe paprika ti Cisarua, disarengan ku Bi Eli, istrina. Mang Aded sareng Mang Dayat teh rayi Pa Usman. Biasa sasasih sakali sok ngempel di bumi Pa Usman, ngaraketkeun silaturahmi tur kawargian. Mang Dayat sareng Bi Eli mah bade enjing cenah ka Pangragajian, nepangan Bi Atih, pameng da tos wengi ayeuna mah.

“Leres eta wartos teh Kang,”Saur Mang Dayat muka obrolan.

“Ah nyeta atuh, bisa enya bisa lain. Tapi teu mustahil enya, da moal ngagorowok Aded mun teu nempo mah”Saur Pa Usman.

“Panginten we atuh, apana, pan seueur keneh nu kitu teh, boh di urang boh di Sumatra”Saur Bu Ike. Horeng Mang Aded teh ceuk Mang Emud mah,lantaranana pupus teh, ningali meong gede, keur ngarongkong sayang hayam, rek nyokot endog.Da cenah ngagorowokna ge teu kebat, ukur “Kang…!Me….!”Les we. Maksudna rek nyebut meong.Ngagorowokna teh ka Mang Emud, ketua RT nu harita nyimpang, bari ngaronda.

“Wartos mah, meong nu baradag, meh sagede anak kuda mah, meong Pajajaran, Kang,nu tos gawe wajib, rek marulang ka Sancang.” Saur Bi Eli.

“Wah…. ngaco etah, moal enya, aya meong Pajajaran, balik ka Sancang, di Garut, mun rek balik ge ka Bogor. Pan karaton Pajajaran mah di Bogor, lebah nu di adegan istana Batutulis,ku Bung Karno.

“Dupi nu kitu teh, leres eta teh apana, maung Siliwangi?”Bu Ike naros.

“Eta ge duka,…cing, mun enya, ti iraha Prabu Siliwangi jadi maung? Jeung naon sababna? Teu kaharti ah..”Waler Pa Usman.Taya nu ngawaler.

”Dupi Siliwangi teh, saha Pa?” Dyah naros ka rama na. “Sanes Siliwangi mah jenengan stadion maen bal, sareng jenengan divisi tentara Jawa Barat?”

“Enya bener, Dyah. Tapi eta teh, nurut buat, pengeling-ngeling kana kadigjayaan jenengan Prabu Siliwangi, raja Pajajaran.”Saur Pa Usman.

“Dupi karajaan Pajajaran teh iraha ngadegna, dugi ka iraha ayana,Pa”Dyah panasaran.

“Kieu atuh, ari hidep can apal mah…Tapi.cing kadieukeun eta termos teh, ngarah haneut, caina. Dayat, rek ngopi?” Saur Pa Usman, bari ngareret ka Mang Dayat.

“Ah moal Kang, sok sesah mondok. Sanes tuturut munding, mung abdi ge teu acan terang, kana sajarah Prabu Siliwangi teh. Kumaha eta teh, Kang?” Saur Mang Dayat. Kawasna sakur nu ngariung harita panasaran palay aruninga. Da katingal mani bangun saregep ngabarandungan na teh.

“Prabu Siliwangi teh, jenengan nuju burey mah Sang Pamanahrasa, tos rumaja digentos janten Pangeran Jayadewata, putra Prabu Dewa Niskala, raja Galuh. Dewa Niskala putra Prabu Niskala Wastukancana, raja Sunda. Jadi Jayadewata teh putu Wastukancana Saparantos ngadeg raja, Jayadewata dipaparin gelar Sri Baduga Maharaja. Ngadeg raja taun 1404 Saka sarua jeung taun 1482 Masehi, pan bedana taun Saka jeung taun masehi teh 76 taun. Siliwangi, pupus taun 1445 Saka sarua jeung taun 1521Masehi .Janten rajana mung 39 taun. Anjeuna ngadeg raja dina yuswa 23 taun.Jadi Jayadewata atawa Prabu Siliwangi lahir taun 1383 Saka, sarua jeung taun 1479 Masehi. .Prabu Siliwangi diistrinen janten raja dua kali, Ngawitan di Karaton Kawali Karajaan Galuh, ngagentos rama na, dipaparin gelar Prabu Dewatasrana. Lajeng di Pakuan ibukota karajaan Sunda, ngagentos mertuana (Prabu Susuk Tunggal, raka Dewa Niskala,jadi Jayadewata mah ka mertua teh pernah Ua) ,gelarna Sri Baduga Maharaja. Ku Prabu Sri Baduga Maharaja,dua karajaan, Galuh jeung Sunda dihijikeun.sapertos ku eyangna. Ibukotana make ngaran karaton, nya eta karaton Sri Bhima Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran. Karaton Sri Bima teh, diwangun ku lima wangunan, nu ngajajar Di hareupeun wangunan nu lima teh aya alun-alun gede, paranti latihan kaprajuritan. Ngarah pondok disebut weh karaton Pajajaran, ahirna Pajajaran jadi ngaran karajaan. Ibukota karajaan Sunda dipindahkeun, ti Kawali (Ciamis), ka Pakuan (istana Batutulis, Bogor). Inget, Wastukancana teh raja Sunda, kagungan putra dua. Sang Ningratkancana (Dewaniskala) dipaparin karajaan Galuh, Sang Haliwungan (Susuk Tunggal), dipaparin karajaan Sunda, watesna Citarum..” Saur Pa Usman.

Gambar karaton Pajajaran, lima bangunan baradag,jangkungna 6 meter, tihangna sagede beuteung munding aya 61.Hateupna injuk disisian ku eurih.tangga na dua kenca katuhu pahareup-haeup, Wangun suhunan kawas imah baduy.Hareupeun karaton ngeplak alun-alun lega, sisina rajeg tangkal paku andam galede.

“Ke punten sakedap, Kang. Upami kitu mah, gelar Siliwangi teh, teu resmi? Hartosna jenengan Siliwangi teh sanes jenengan atanapi gelar waktos diresmikeun jadi raja?” Mang Dayat, naros.”Waktos jadi raja di Galuh, gelarna Dewatasrana, waktos diistrenan jadi raja di Sunda, gelarna Sri Baduga Maharaja. Janten ti mana anjeuna, kengeng gelar atanapi sesebatan Siliwangi?”

“Tah leres, Mang, abdi ge helok..”Dyah nyambung omongan. Ngadangu kitu, Pa Usman unggeuk bari imut, dina manahna ngagerentes..”Kritis yeuh anak jeung adi teh”.Pa Usman neraskeun deui cariosna,” Geus nyaho encan, saha gelar Prabu Wastukancana? Maksud teh disarebutna ku gegeden jeung rahayat?” Pa Usman malik naros.

“Teu acan…”Ceuk Dyah jeung Mang Dayat, bareng.

“Prabu Wastukancana, disarebutna, Prabu Wangi Suta. Hartina putra Prabu Wangi. Saha ari nu disebut Prabu Wangi?” Pa Usman naros deui.

“Upami Wastukancana putra Prabu Wangi, rupina nu disebat Prabu Wangi teh, rama na…”Tembal Dyah bari seuri.

“Tah..bener, Prabu Wangi teh sesebutan ka Prabu Maharaja Linggabuana, nu gugur di palagan Bubat. Pangna disebut Prabu Wangi, sakur karajaan nu aya di Nusantara (baheula mah lain Nusantara tapi Dwipantara), teu satuju kana tindakan Mahapatih Gajahmada. Kieu asalna, Prabu Maharaja Linggabuana, kagungan putra opat.Nu ka dua sareng katilu pameget, pupus nuju aralit.

Nu jumeneng mung nu cikal sareng nu bungsu. nu cikal istri, jenengan Dyah Pitaloka Citraresmi.

Nu bungsu pameget, jenenganana Wastukancana. Nincak yuswa 17 taun, Dyah Pitaloka Citraresmi, bade ditikah ku Prabu Hayamwuruk ti Majapahit. Kumargi ngaraos Sunda teh karajaan alit, dibanding sareng Majapahit nu ngawasa Dwipantara, sareng ngahormat ka Hayamwuruk, raja agung. Tur emut kana caturangga (kekerabatan/pancakaki) yen antawis Maharaja Linggabuana, sareng Hayamwuruk teh pada-pada putu Prabu Dharmasiksa, raja Sunda. Nya calon panganten istri, dijajapkeun ka Majapahit, (sateuacanna tos aya perjangjian, antawis Prabu Maharaja Linggabuana, sareng Prabu Hayamwuruk). Ti Kawali arangkat ka palabuan Brebes (harita Tegal, Brebes, kaasup wilayah Sunda), ti dinya angkat kana kapal layar, seueurna 80 jalmi. Wastukancana teu dicandak, da nembe yuswa 9 taun, dititipkeun ka patih Suradipati, rayi Prabu Maharaja. Rombongan karajaan Sunda, haranjat di daerah Tuban, teras marapah ka alun-alun Bubat. Ti dinya Prabu Maharaja Linggabuana, ngintun serat ka Hayamwuruk. Nu netelakeun yen rombongan ti Sunda tos dugi ka Bubat. Ngantos di papagkeun.
Eta serat, katampi ku Mahapatih Gajamada. Kalawan teu wawartos ka Hayamwuruk, Mahapatih Gajahmada, arangkat ka Bubat, bari nyandak pasukan perang nu samagreng pakarang, tur seueur. Aya nu tarumpak kuda, aya nu tarumpak gajah, aya nu tarumpak kareta,jeung aya ratusna nu laleumpang. Raja Sunda teu kinten bingahna, rehna nu mapagkeun tos sarumping.

Namung estu matak ngagebeg, waktos tos papayun-payun, Mahapatih Gajahmada, nyarios, yen putri Sunda, Dyah Pitaloka Citraresmi, kedah disanggakeun ka Majapahit, mangrupi upeti/hadiah ciri yen Sunda taluk ka Majapahit. Tur moal didamel prameswari, numawi moal aya pesta pangantenan. Inget,”Saur Pa Usman,” Ieu kahayang Gajahmada, lain kahayang Hayamwuruk. Malah Hayamwuruk mah teu apaleun, kana kalakuan Gajahmada kitu.”

“Naha bet tiasa janten kitu, Kang..?”Mang Dayat naros.

“Pedah di antara sakitu lobana, karajaan di Dwipantara, kabeh taluk ka Majapahit, iwal ti Sunda. Jadi Gajahmada teh rek nyieun renjagan (kejutan), sangkan Hayamwuruk bungah.Sunda ayeuna mah jadi patalukan Majapahit. Teu apaleun, yen pangna Sunda diantep teu diperangan, teu ditalukkeun teh, geus aya sumpah Rd.Wijaya,nu ngadegkeun Majapahit, nu moal ngaganggu bhumi Sunda.Hayamwuruk mah uningaeun kana eta sumpah eyangna.”Saur Pa Usman.

“Eueuh ngartos ayeuna mah, Hayamwuruk teh turunan Rd.Wijaya. Ari Rd.Wijaya putra Prabu Dharmasiksa, raja Sunda nu nikah ka putri Mahisa Campaka ti Singosari. Kitu?” Saur Mang Dayat.

“Geuning etah Dayat, apal nepi ka dinya..”Waler Pa Usman.

“Kapungkur kantos nguping ti Aki Tisna, yen Sunda sareng Majapahit teh aya hubungan kulawarga,saurna, malih sareng Kutai, sareng Sriwijaya ge sami aya hubungan getih, ti jaman Tarumanagara keneh” Ceuk Mang Dayat.

“Teras kumaha kaayaan di Bubat teh,Pa?” Dyah naroskeun.

“Tah Prabu Maharaja Linggabuana, teu nampi kana kapalay Gajahmada. Timbul pacengkadan, antukna jadi tarung perang pupuh, perang campuh. Balad Sunda nu ngan 80 urang, bari satengahna istri, da rek ngawinkeun, lain rek perang. Beak palastra kabeh. Nu nyesa iwal putri Dyah Pitaloka Citraresmi, eta ge, teu lami, anjeuna labuhgeni, alias bunuhdiri, batan kudu ruksak hargadiri. Perang Bubat teh kajadian dina tanggal 13 bulan Badra, taun 1279 Saka, sarua jeung taun 1355 Masehi.

Ku kajadian eta, Gajamada dihukum ku Hayamwuruk, malah rek ditewak, ngan kaburu kabur.

Kakara dihampura, ditarima deui jadi Patih,sanggeus tilu taun. Hayamwuruk tilu kali menta dihampura ka Suradipati di Sunda. Pamenta hampurana ditampi.Jadi pasualan antara Sunda jeung Majapahit, geus beres. Tah raja-raja sa-Dwipantara, mihak ka raja Sunda, tuluyna loba karajaan nu ngamerdekakeun diri, ti Majapahit. Ku eta kajadian jenengan raja Sunda, Prabu Maharaja Linggabuana, jadi seungit, sohor, wangi. Tah anjeuna disebut Prabu Wangi.

Wastukancana disebut Prabu Wangi Suta (putra Prabu Wangi).Tah sikep tur kalakuan Wastukancana salila marentah, sederhana, tulaten jeung gumati ka rahayat,salawasna ngaheulakeun kasajahtraan rayat. Persis kawas kalakuan Prabu Maharaja Linggabuana. Eta laku kabiasaan teh, dituluykeun ku Sri Baduga Maharaja. Matak sabada Wastukancana pupus, Sri Baduga Maharaja, disebut Prabu Silih Wangi, ku gegeden jeung rahayat Sunda jeung Galuh.Hartina gaganti Prabu Wangi. Tina Silih Wangi robah jadi Siliwangi.” Pa Usman, mungkas cariosna.

“Eueuh…kahartos upami kitu mah,” Saur Mang Dayat. Dyah mah unggut-unggutan we.”Mung naon hubunganana sareng Maung, Kang?”

“Ari Dayat, bisa jadi kulantaran ka Sri Baduga mah, gegeden jeung rahayat teh ajrih (segan), bari kasohor ahli perang. Teu mustahil, muji wawanen jeung wewesen Sri Baduga, nu pada ngajenan ku raja-raja sejen di luar Sunda. Dipapandekeun kana rajaleuweung, meong, atawa maung. Tapi mun urang mundur ka jaman Tarumanagara ge, harita Purnawarman, disebutna Maung Tarumanagara. Tuluy Prabu Tarusbawa nu ngadegkeun karajaan Sunda, basa mindahkeun ibukota ti Jayasingha, ka Sundapura (Bekasi), disebutna Maung Sundhapura. Jadi geus ti baheula raja-raja di Sunda dipapandekeun kana maung. Tapi sabenerna, nu nguatan yen Siliwangi dituduh/disebut jadi Maung Pajajaran. Kungsi aya kajadian. Saratus taun sabada Pajajaran runtag, taun 1579, jadi kira-kira taun 1779 Masehi. Salahsaurang sersan VOC ti Batavia, nu ngaran Scipio. Mapay ka wewengkon Bogor. Nananyakeun urut karaton Pajajaran.Scipio datangna ka suku gunung Salak. Harita didinya aya lembur, nu pangeusina urang Sumedang wungkul. Ku kokolot lembur, Scipio dianteur ka lahan urut karaton, nu geus jadi leuweung. Nepi ka urut pintu gerbang, Scipio nempo maung. Tuluy arasup, dina hiji batu gede nu demprak, disangkana batu urut calik raja, aya deui maung gede. Teu tuluy nalungtik na teh, maranehna baralik deui.Tah ti harita, kokolot lembur nyarita ka rahayatna, yen raja jeung ponggawa Pajajaran jaradi maung. Nerekab tah ka unggal wewengkon, malah nepi ka kiwari.” Saur Pa Usman.

“Ku saha kinten-kintenna disebarkeunana, Kang?” Mang Dayat naros.

“Ku Gubernur Jendral Snouck Hurgronye. Bareng jeung nyebarkeun dongeng Sangkuriang. Manehna jadi Gubernur Jendral di Hindia Walanda,ngaganti Rafless. Samemeh Daendeles.”

“Naon pangna kitu, Kang?” Saur Bi Eli.

“Kieu atuh eta mah, cing..cing kadieukeun tah paneker teh. Ieu udud pareum.”Saur Pa Usman, bari nunjuk bensin gas, payuneun Mang Dayat. Song diasongkeun ka Pa Usman. Trek Pa Usman nyeungeut roko, pelenyun nyesep. Bul haseupna ka luhur rungkal-ringkel, ngipisan, les teu aya. Sabada ngarenghap, anjeuna neraskeun cariosna.

“Snouck Hurgronye teh, orientalis, tapi oge penginjil. Inyana ditugaskeun ku pamarenah Walanda, kudu nyebarkeun Kristen di Hindia Walanda (Indonesia) Kulantaran kanyahoan tina berita VOC, yen Islam di Hindia Walanda geus sumebar. Snouck dikirimkeun heula ka Mesir sina diajar Islam, salila 5 taun. Sabagean tina tugas manehna, kudu ngahalangan sumebarna Islam di Hindia Walanda. Sanggeus meunang elmu kaislaman, manehna diangkat jadi gubernur jendral di Hindia Walanda. Datang ka dieu, manehna nguriling nyamur make pakean ulama, ka unggal daerah di Nusantara. Kanyahoan tina 400 suku bangsa nu aya di Nusantara, aya dua suku bangsa nu hese di-Kristenkeun, hese ditalukkeun. Nya eta suku Sunda jeung suku Aceh.Puguh we saha nu teu kataji, Qur’an jeung Hadis, apal ditalar, make baju ulama Muslim.Bari ngomong pasehat. Tangtu kana dipercayana.Sanggeus ngayakeun panalungtikan, dicindekkeun. Yen Sunda mah kudu dikorowot jerona, teu bisa dihagal ku kakerasan boh ti hareup, atawa ti tukang, da ceuk katerangan, Sunda mah ahli perang. Ari Aceh mah, digempur ku militer. Tah keur ngaruksak kaajegan Sunda mah manehna nyebarkeun dongeng, Siliwangi jadi maung, sabab dibeberik ku Kean Santang, rek diislamkeun.Cenah. Kolot-kolot teu sadar, marukan bener. Padahal apan asup Islam mah, taya paksaan. Jeung Islam nangtukeun kudu hormat ka indung-bapa. Kacida culangungna mun enya Kean Santang (pajarkeun teh, putra Prabu Siliwangi), ngudag-ngudag rama, rek diislamkeun,estu mengpar tina tata-cara Islam. Maksudna nyarek rahayat arasup Islam. Da Islam mah, ka bapa ge wani ngabeberik. Dongeng nu kadua, nu disebarkeun ku Snouck Hurgronye teh, dongeng Sangkuriang.Sabada manehna ningal kanyataan Bandung nu sapertos katel, ngalegok tilas talaga. Dina eta dongeng disebutkeun, yen Sangkuriang teh anak anjing si Tumang, ninina babi Wayungyang. Maksudna ngahinakeun ka urang Sunda. Sabab Snouck Hurgronye apal, urang Sunda mah, palinter bari galede wawanen.

Jadi mun aya urang Sunda nu wani nentang teh, gampang pisan diteke na. Tong olo-olo, maneh mah turunan anjing, cenah. Matak urang Sunda loba nu ngarasa rendah diri( lain rendah hati) Tapi keukeuh, Snouck gagal ngristenkeun Sunda mah. Ieu ge akang meunang dongeng teh ti hiji sepuh, nu luhur elmu, tapi wijaksana. Meni hese, geus saminggu ,nembe eta sepuh teh nerangkeun kitu ka akang.”

“Ke punten dupi Prabu Siliwangi aya kuburanana?” Ceuk Mang Dayat.

“Sabenerna, Yat. Ieu teh rada pabaliut, antara dongeng nu aya di masrakat, utamana nu tatalepa ti kolot-kolot. Jeung runtuyan sajarah, nu kapanggih tina naskah Nagara Krtabhumi. Khusus ngeunaan Radya-radya I bhumi Sunda.Lamun nilik kana riwayat pernikahanana we. Urang bakal bisa nyindekeun sorangan, ari Siliwangi Sanghyang, Hindu, atawa Islam? Da kieu; Istri nu ngawitan jenenganana Nhay Rambutkasih, putra Ki Gedeng Sindangkasih, paman Jayadewata alias Prabu Siliwangi. Teu kagungan putra. Istri nu kadua, Nhay Subangkranjang atawa Subanglarang, putra Kyai Tapa, masih keneh paman Jayadewata.Tah dina kajadian pernikahan ka Nhay Subanglarang, ngalangkungan saembara adu tanding. Harita Jayadewata ngelehkeun Amuk Murugul, raja anom Japura, putra cikal Sang Susuk Tunggal. Sedengkeun Subanglarang teh santri Ki Datukahfi nu muka psantren Al Qur’an di Karawang. Disarebut Syeh Quro.Hartina Nhay Subanglarang teh muslimah.

Ceuk pikiran akang, najan sakumaha kasep jeung gagah saktina Jayadewata, moal bisa nikah ka Subanglarang, mun teu maca sahadat heula. Tegesna Jayadewata kudu asup Islam. Akang yakin Jayadewata alias Siliwangi harita asup Islam.Bukti na kieu: Hiji, putra Prabu Siliwangi ti Nhay Subanglarang teh aya tilu. Nu Cikal pameget, Cakrabuana, nu ka dua istri, Nhay Rarasantang, nu ka tilu pameget Raden Jakasengara.Tiluanana arasup Islam ka Syeh Datukahfi. Dua, Prabu Siliwangi mah maotna dikubur. Saparantos duawelas taun, nembe dikali, teras tulangna di duruk make kai Samida, nu ngahaja dipelak ku anjeuna, sisi Talaga Rena Mahawijaya .Lebuna dilebetkeun kana kendi, disimpen di Kabuyutan Rancamaya-Bogor. Apan raja-raja sejen mah, teu dikubur heula, tapi langsung di duruk make kai Samida.Cenah laku kitu teh, dikubur terus di duruk, mangrupa panghormat ka raja agung, nu kamashur. Istri nu ka tilu Nhay Mantri Manik Mayang Sunda,putra Sang Susuk Tunggal, (uana Jayadewata), rayina Amuk Murugul. Istri nu ka opat Nhay Emas Lenggang Pakuan. Sami ti Sunda. Kumargi istri Siliwangi mung opat, beuki yakin yen Siliwangi mah Islam. Pan raja sejen mah langkung ti opat.”Saur Pa Usman.

Gambar jayadewata ngelehkeun amuk murugul

“Ke upami teu lepat, panginten dongeng nu disebarkeun ku Snouck Hurgronye tea, naha aya putra Prabu Siliwangi nu jenengan Prabu Kean Santang?”

“Tah eta oge, jadi pikira,nimbulkeun panalek. Hiji, mun disebut Prabu, meureun kudu jadi raja. Dimana Kean Santang jadi rajana? Dua, Mun Kean Santang Putra Siliwangi, Saha ibuna? Tilu, gelar Kean teh, tina Rakean. Di Pajajaran nu make gelar Rakean,teu loba, ngan Rakean Kalang Sunda,panglima terahir memeh runtag. Rakean Mantri Majeuti, mun ayeuna mah Mensesneg.Tapi numutkeun Pa Aca, suargi mah, aya nu jenengan Rakean atawa Kean Santang, teh patih Pajajaran. Yuswana pakokolot supa, sareng Prabu Siliwangi. Ukur beda sataun-dua taun. Putra sanesna nu diangkat janten raja anom di karajaan daerah, aya nu jenengan Sunan Burungbaok. Duka ti Lenggang Pakuan, duka ti Mantri Manik Mayang Sunda.Matak rada ngahuleng mun Prabu Siliwangi mindah rupa jadi maung.” Saur Pa Usman.

“Ooohhh…janten dongeng Siliwangi janten maung, sareng Sangkuriang kabeurangan teh, ti dinya ngawitanana, Kang?”

“Enya kitu, malah aya baturna Snouck Hurgronye teh, ngaranna Van der Plash. Ieu mah ngahaja diangkat jadi gubernur militer Walanda di Surabaya. Van der Plash mah nepi ka wani ngarobah ayat Qur’an. Tapi kapanggih.” Saur Pa Usman.

“Nu mana nu dirobahna teh ,Kang?”Mang Dayat naros.

“Aya hiji ayat, pisundaeunana teh, ..jalma nu sabar tur ihlas bakal asup ka surga… Dirobah, jadi….jalma nu sangsara, bakal asup ka surga. Matak Islam mah ulah beunghar, bisi teu asup ka surga, cenah. Padahal hartabanda na dibawaan ka nangri Walanda, dipake bekel perang ngalawan Jerman.”

“Tah nya Kang, matak kudu palinter jeung ngalarti, bangsa urang teh. Ulah beunang dibobodo kitu.” Saur Mang Dayat deui.

“Nyeta kitu. Aaeh, geuning ieu teh geus tabuh sawelas Yat, geura sarare ka dituh. Bisi kabeurangan isuk. Akang ge rek ngagelehe ah..tunduh”.Saur Pa Usman bari angkat ka kamar. Atuh, sadaya nu ngariung ge malungkur,lalebet ka kamarna sewang-sewangan.