Mang Usep
Asep Idjuddin, lahir di Bandung 19 November 1949, Lulus SR (SRN Ciwidey I) taun 1962, lulus SMP (SMP PGRI Ciwidey) taun 1965, lulus SPGN (SPGN I Bandung) taun 1968, Akademi Penerangan Bandung Jurusan Jurnalistik angkatan 1969, FIP IKIP Bandung Jurusan ADSUP angkatan 1971, Lulus FASA UNPAD Bandung Jurusan Sunda taun 1985.
Taun 1970 – 1999 jadi guru di SD, SMPP, PGA, SMA di Bandung, ayeuna Kepala Sekolah SD di Tegal Lega Bandung.
Nulis di sababaraha hiji media massa di Bandung ti taun 1969, nulis di media massa basa sunda (Kujang, Sipatahunan, Giwangkara, Gondewa, Mangle, jsb.) ti 1978, kungsi jadi Peneliti Pembantu di Sundanologi taun 1983 – 1985, kungsi jadi Pemred majalah kampus “Tangara” taun 1979 , kungsi jadi Wakil Pemred mingguan “Sunda Manggung” taun 2000, kungsi jadi Pemred majalah bahasa sunda “SALAKA” taun 2003, jadi RedPel koran sunda “Mandiri” nepi ka ayeuna, aktif oge dina sarupaning kagiatan sosial.
Buku:
- Sawidak Carita Pondok, 1983, PT Mangle Panglipur Bandung
- Bank Soal Bahasa Indonesia, 1982, PT Savitri Bandung
- Kumpulan Carita Pondok “Cucuk Rungkang”, 1986
- Pangajaran Bahasa Sunda SMP, 2000, PT Media IPTEK
- Cacarakan Nulis Aksara Sunda Ratu Pakuan, 2002, PT Media IPTEK
- Nuju digarap: Prabu Siliwangi (Kumpulan Carpon), PT Ihtima